Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/444

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
445
 

Keur gumujeng (...),
Hajina imut na mayun,
Jeung jangotna wieana,
Digantélan kembang kuning,
Kembang ros dina jénggotna.


10.

 Da abdi gé dék ngawula,
Engké geus dongkap ka Mesir,
Arék ngamula baé ngampa,
Para ponggawa ngalahir,
Arék kaul-kaul naon deuih,
Wieana imut jeung unjuk,
Kapan kula meunang peang,
Basa tadi eukeu jurit,
Ayeuna gajah ku kula ditéwak modar.

11.

Ganeapuri mah dipanah,
Sami pada ngarasih,
Radén Ahmad majeng ningal,
Ponggawa gur-ger sami taya seti,
Bari malĕdog ku korma.
Kana bahan wieana.