Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/445

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
446
 

Tuluy baé disanggap baé didahar //. (192)

12.

 Wieana lolong-lolongan,
Ngarah dibalédog deui,
Ger gumujeng sadayana,
Imut kangjeng Sultan Mesir,
Jeng Sultan bari ngalahir,
Hayu urang pada mulang,
Ngabujeng Nagari Mesir,
Radén Patih Enggada enggeus nambalang.

13.

 Ka sadaya para balad,
Kangjeng piwarangan Gusti,
Dewi Soja seug munjungan,
Ka rakana sarta tadim,
Tuang rayi neda idin,
Ayeuna amit rék wangsul,
Rahadén Ahmad ngandika,
Hélos yayi engkang idin,
Sambung dua muga salamet di marga.

14.

 Song deui Sang Dewi Soja,
Munjungan ka Raja Mesir,
Dipapay sakabéh Raja,