Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/446

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
447
 

Sumawonna ka Sang Gondani,
Ka sakur mertua aji,
Tuluy ka Kosasih sujud,
Nyarita ningalan uang,
Saratus dirham katampi,
Ibu-ibu tuang putri badé mulang.

15.

Dén Kosasih ngadinan,
Aduh Enung ti Manjeti,
Ibu ngadu’akeun pisan,
Masing mindeng pulang anting,
Sumangga eeuk Manjeti,
Siti Bagdad deuih munjung,
Barina jeung para tubah,
Dewi Soja nginum deui,
Sanggeus tutug munjungan Dén Siti Bagdad.

16.

Aduh aeeuk paleleban,
Sarawuh ka rai Eein,
Nyiruan gentĕng,
Gangkéngna masing mindeng pulang anting,
Abong kéna badé mulih,
Pueuk kalapa teu imut.