Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/447

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
448
 

Dewi Soja imut jawab,
Ranea di tengah maranggi,
Insya Allah manawi taya halangan.

17.

Kebat mios Dewi Soja,
Sareng Ratu Kuraesin,
Geus mandeng dipajeng kilat,
Burudul para jin ngiring,
Geus ngaraos maraea dikir,
Kulayu jeung naktu dinur,
Ngaguruh di Mandaya gantang,
Matak-matak kelar anu nguping,
Ditémbalan jegur mariyem di handap.

18.

Dar tatabeuhan disada,
Ngelegedét prajurit Mesir,
Bandérana ting harélab,
Kangjeng Sultan enggeus nitih,
Nya éta gajah putih,
Diiring ku para Ratu,
Geus jengkar ti pasangrahan,
Mulih ka Nagri Mesir,
Teu kaeatur dijalannaKangjeng Sultan.