Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
48
 

Beuki jauh nya lalakon,
Ari dina hiji mangsa,
Nya éta Radén Muhammad,
Halabhab kaliwat langkung,
Reujeung kalangkung teunangan.

4.

Keur leuleus jeung palay cai,
Teu lami béh kayu korda,
Rahadén di dinya lirén,
Kalangkung tina teunangan,
Tuluy caralik di dinya,
Kayu gordah ngarunggunuk,
Radén calik ku ngareunah.

5.

Hiliwir jeung datang angin,
Tambah sora Dén Muhammad,
Ka rayina seug marios,
Jeng Rayi uha akang,
Teunangan kabina-bina,
Jeung akang ku hayang nginum,
Kang Rayi geuwat téyangan.

6.

Akang pangalakeun cai,
Rahadén Ahmad ngandika,
Sumangga rayi rék miang, //
Rayi rék néangan ranca,
Lamun rayi tacan timu,
Cai eukeur nguruh akang.

7.

Tangtu moal waka balik,
Mun tacan mendak cai mah,
Sanajan tepi ka powék,
Rahadén Muhammad ngandika,
Mugi rayi masing mendak,
Ku akang ditunggu,