Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
49
 

Akang keueung gé wayahna.

8.

Dén Ahmad ngalahir deui,
Geus mios ti payun raka,
Néangan cai keur ngarot,
Eunggeus jauh ti rakana,
Di leuweung ider-ideran,
Geus téng ngulon ngalér ngidul,
Weléh hanteu pisan mendak.

9.

Rakana nyalira calik,
Nu calik rawuh nu angkat,
Sami nyalira baé,
Lami-lami Dén Muhammad,
Ngantos rayi tacan dongkap,
Lenggut Dén Muhammad tunduh,
Dugi kulem handapeun gordah.

10.

Kulem raos liwat saking,
Sorbanna dianggo tilam,
Dianggo kampuh sawaréh,
Sok tunda Radén Muhammad,
Jeung rayi Ahmad di alas,
Nu angkat rawuh nu kantun,
Kulem dina kayu gordah.

11.

Lalakon diganti deui,
Ayeuna sahiji carita,
Di dayeuh Mesir Karaton,
Kocap Ratuna geus wapat,
Kumpulna sakabéh raja,
Pada ngalayad nu pupus,
Kumpul ti unggal nagara.

12.

Raja Yunan Turki Korji,