Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/49

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
50
 

Yaman Madinah jeung Mekah,
Erum sum para Bopatos, (sic)
Sarawuh mantri ponggawa,
Henteu kantun pada dongkap,
Di Mesir pada berhimpun,
Putra-putri para ponggawa.

13.

Maha Suton nagri Mesir, (sic)
Sanggeusna dipulasara,
Teu lami deui carios,
Sakalian pangkat raja,
Ngajalankeun saémbara,
Sadérék Suton nu pupus,
Anu ngadeg saémbara.

14.

Jenenganana Gowarti,
Rahadén Datu Bendara,
Panghulu Mesir nu geus maot,
Nu nyangking buk saémbara,
Maligaina geus dipasang,
Datuk Bendara piunjuk,
Ka sadaya para raja.

15.

Sim abdi hatur tingali,
Supados pada uninga,
Ka kabéh para Sang Katon, //
Nu dina duplikat,   (28)
Ayeuna dék ngangkat raja,
Piratueun henteu tangtu,
Mantri atawa ponggawa.

16.

Nu diangkat pasogiri,
Nya éta gelar saémbara,
Ieu gajah nu waspaos,
Gajah putih sina ngencar,