Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
51
 

Saha baé para ponggawa,
Mantri-mantri atawa serdadu,
Pangkat atawa somah.

17.

Mun dibeulit gajah putih,
Ditumpakan kana tanggongna,
Nyata keur sebut raja téh,
Nu kagungan padaleman,
Perbu Mesir Maha Sulton,
Para ratu pada rempug,
Ngiring dina saémbara.

18.

Mantri-mantri ponggawa papatih,
Pada ngaranjug sadaya,
Saréhing nguping nu tangtos,
Saha nu bakal jadina,
Nya éta nu jadi Raja,
Mugi-mugi ka Yang Agung,
Ku niyat dicokot gajah.

19.

Ponggawa rawuh para mantri,
Papatih Demang Ariya,
Ahlina Mesir sakabéh,
Enggeus kumpul magelaran,
Anggoda Jaya Keswara,
Abdul Basah Jaya Bahrum,
Sakur putra Maha Sulton.

20.

Kitu deui para bopati,
Sabaladna para ponggawa,
Para mentri pada beres,
Sakur pangkat nu nonoman,
Ménak kuring pada dongkap,
Di Mesir enggeus ngaliyud,
Nu lalajo ngangkat raja.