Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
52
 
21.

Jalma enggeus heurin usik,
Sartana pada maridang,
Pikirna arosih karo, (sic)
Saperkawis hayang terang,
Kaduana susuganan,
Réhing ngalotrékeun ratu,
Sugan Laélatul Kadar.

22.

Nyampeurkeun ka diri aing,
Warna-warna jangjawokan,
Aya nu maca lengket,
Aya nu maca asihan,
Aya nu maca pakeman,
Aya nu maca tenung,
Warna-warna tékad jalma.

23.

Sawaréh mah ngahariring,
Bari macana asihan,
Kieu asihanan téh,
Aji langgeng aji mayang,
Aji barang sabuwana,
Dikukut bangsa lunggut,
Diindung basana leumpang.

24.

Deudeuh aji adi putih,
Nurjana cipta rasa,
Dibawa rupet Déwa Manggao,
Kuro Allaha aji Muhammad,
Raga // rumaos kapuba, (29)
Ka nu kawasa Yang Agung,
Sumerah di dunya.

25.

Sumawan nu ahli Mesir,
Muna teu leueut teu dahar,
Tirakat unggal poé.