Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
53

Na pimanahna rangkepan,
Upama teu aya kadar,
Taya bagja jeneng ratu,
Pikir hanteu panasaran.

26.

Meunang pigeusaneun mikir,
Kangen perkara angkat,
Teu beunang dipikahoyong,
Sumawon teu ditapaan,
Sanajan jeung ditapaan,
Ari lain milik tangtu,
Darajat hanteu kantenan.

27.

Ari menggah abdi-abdi,
Gawéna ngan lalamunan,
Ngomong barina lalajo,
Aya nu kieu basana,
Cing urang lalamunan,
Mun silaing jadi Raja,
Di Mesir naon nya niyat.
|-style="vertical-align:top;"
|28. ||<poem> Panadar jadi aji,
Seug némbal deui baturna,
Kieu ari niyat déwék,
Sok hayang milih parawan,
Atawa randa jekékan,
Seug dijajarkeun sapuluh,
Ditaksir sapopoéan,

29.

Baturna téh ngomong deui,
Dikumaha ditaksiran,
Seug deui ngomong éta téh,
Ku déwék seug ditimang,
Hiji-hiji ditimangna,
Pok deui aya nu matur.