Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
54
 

Aki-aki milu ngueap.

30.

Bapa mah mun jadi aji,
Hayang nanyaan Nyi Jengga,
Meureun diyuk di Maligai,
Ngarendéng jeung Nyi jengga,
Bari nyatu kéjo ketan,
Ditutugan maké waluh,
Pais oncom dagé muncang.

31.

Ger diseungseurikeun aki,
Aki-aki teu perenah,
Keur kolot teu nénjo manéh,
Pipilueun jeung nu ngora,
Puguh ieu téh kumpulan,
Karot nagara geus tepung,
Bakal didaun ngora.

32.

Nini-nini aki-aki,
Bakalna dipareuncitan,
Kulitna bakal dibesét,
Nya éta eukeur terebang,
Aki-aki gancang némbal,
Jamedud barina manyun,
Témbalna téh ka nu ngora.

33.

Kulit nu ngora talingting,
Lamun dipaké terebang,
Da déwék mah nongton sotéh,
Geus ngadéngé undang-undang,
Bakal patepok ayeuna,
Geura anggeus-anggeus tangtu,
Bakalna aya // béwara.

34.

Nu lenjang ka aki-aki.