Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
55
 

Jeung randa anu jekékan,
Purah ngagaroan kontol,
Nini mah ka bujang,
Ari bujang anu dua,
Purah ngisangan geus tangtu,
Lamun henteu daék tiwas.

35.

 Dipeuncit ngarah kulit,
Ambéh harus telingningna,
Dipaké terebang genjeréng,
Ana jep téh anu ngora,
Henteu bisa deui jawab,
Aya saurang anu matur,
Lain kitu ieu déwék mah.

36.

 Panglalajo sotéh kami,
Hayang meuli angeun kupat,
Seug didahar jeung nu mohér,
Jeung ngaréndéng didaharna,
Jeung cacap susukaan,
Kinanti gajah kaluar.

IX. Kinanti

1.

Gajah putih enggeus jebul,
Ti karaton nagri Mesir,
Sarta beunang ngadangdanan,
Titihan anu bakal aji,
Ngadangong dina kalangna,
Néangan duplikat aji.

2.

Dur mariyem jegur ngaguruh,
Tatabeuhan asa kaindit,
Bari pindah nénjo sagara,
Ngaguruh di nagri Mesir,
Jalma geus tampa polah.