Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
56
 

 Pahareup-hareup ningali.

3.

Gajah putih ka payun,
Nyampeurkeun ka abdi Mesir,
Ditaksir ku gajah bodas,
Henteu lami mios deui,
Sabab pasti lain éta,
Ahli Mesir mina nangis.

4.

Gajah putih tuluy maju,
Narajang mantri Bopati,
Ku gajah putih diliwat,
Ting halewir ahli Mesir,
Gajah putih digupayaan,
Jongjon maju gajah putih.

5.

Yaman Sam Turki jeung Erum,
Ponggawa jeung paramantri,
Geus pada disorang gajah,
Amung henteu aya hiji,
Anu baris jadi raja,
Gajah putih léos deui.

6.

Papatih demang per Ratu,
Ku henteu ditolih,
Léos ku gajah diliwat,
Kaluar ti nagri Mesir,
Terus meuntas ka wahangan,
Léos jauh beuki tengah.

7.

Urang Mesir pada ngabrur,
Kabéh nuturkeun pandeuri,
Barang dongkap ka Bangawan,
Ngarandeg sakabéh // sakabéh jalmi, (31)
Sarta barina ngandika,
Pipeuleuleuyan kadot hancig, (?)