Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
57
 
8.

 Gajah putih semprung maju,
Enggeus nyorang leuweung kai,
Kawas dituduhkeun marga,
Piratueun nagri Mesir,
Béh manggih handapeun gordah,
Nu kulem tibra téh teuing.

9.

  Nyata Muhammad pahatu,
Seug depa pun gajah putih,
Nyembah ka Radén Muhammad,
Disodorkeun ku tulalé,
Dén Muhammad tanggah ningal.

10.

  Lalaunan seug kaluhur,
Kana tonggong gajah putih,
Dicekel ku tulaléna,
Di dinya gajah seug indit,
Ras éling Radén Muhammad,
Bangeung barina jeung nangis.

11.

  Dén Muhammad barina nyaur,
Duh dikadar awak aing,
Ayeuna dihakan gajah,
Jauh teuing adi aing,
Si abdi meureun néangan,
Sasambat bari jeung nangis.

12.

  Adi akang geura susul,
Ngala caina bet ku lami,
Pun akang dihakan gajah,
Pun adi moal papanggih,
Didungakeun baé Ahmad,
Euh adi masing perhatin.
|-style="vertical-align:top;"
|13. || <poem> Akang papisah jeung dulur,
Ninggalkeun yuswa ka rayi,