Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
58
 

 
Urang pada sambung du’a,
Barang Muhammad keur nangis,
Ngéng soara tanpa rupa,
Sowara tan katingali,

14.

 Unggel sowara ti luhur,
Héy Muhammad ulah nangis,
Manéh téh meunang kurnia,
Bakal jadi ratu Mesir,
Disembah ku para raja,
Perkara gajah putih.

15.

 Lain rék ngahakan istu,
Margina parantos asih,
Nya éta dibawa gajah,
Titihan manéh geus pasti,
Enya éta gajah bodas,
Jep Radén Muhammad cicing.

16.

 Sujud sukur ka Yang Agung,
Soara teu muni deui,
Ngan sakitu saunggelna,
Dén Muhammad ngeluk mikir,
Pigeusaneun Radén Ahmad,
Terangeun ka nagri Mesir.

17.

Radén Muahammad ras imut,
Kana dasterna di cangkeng,
Seug disosoéh harita,
Ditungtut saewir-ewir,
Geus natrat sabalan-balan,
Supaya engké kapanggih. //

18.

 Ku Radén Ahmad nu nyusul, (32)
Kitu manahna nu lantip,
Teu lami deui waktuna,