Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

59

Béh bangawan wates nagri,

Gajah putih tuluy meuntas,

Barang geus ngaliwat cai.

19. Daster Muhammad geus tutup,

Teu aya sowékeun deui,

Gajah putih hanteu kebat,

Geus sumping ka jero nagri,

Ger surak waiya balad,

Pagelek-gelek ningali.

20. Jedur mariyem dur getuk,

Panghormat nu nembé sumping,

Dibareng ku tatabeuhan,

Ngaguruh di nagri Mesir,

Gajah putih enggeus kebat,

Ka karaton nagri Mesir.

21. Dén Muhammad enggeus lungguh,

Di Maligai emas kuning,

Kalinggihna kasultanan,

Datuk Bendara geus sumping,

Sinarengan para raja,

Mendek sami lalinggih.

22. Dén Muhammad sakalangkung,

Nangis barina jeung risi,

Geuwat ku Datuk Bendara,

Disembah diasih-asih,

Dibarengan tata hormat mah,

Da sanajan murangkalih.

23. Da geus pinasti Yang Agung,

Dawuh Gusti ulah dék nangis,

Sumawonna kagét manah,

Atawa mingkin jeung risi.