Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/59

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
60
 

Éta mugi ulah pisan,
Baktos Ama catur tingali.

24.

Jisim abdi téh ngangluh,
Hakim di nagri Mesir,
Jenengan Datuk Bendara,
Ari ieu perbupati,
Ari nu nyangking duplikat,
Kang Rama Darma Rakoni.

25.

Saha-saha nu dipangluh,
Nya éta ku gajah putih,
Pasti bakal jeneng raja,
Nya ieu di nagri Mesir,
Karana dawuh ayeuna,
Teu aya raja di Mesir.

26.

 Sulton Mesir téh geus pupus,
Ayeuna anu ngaganti,
Taya sanés ti gamparan,
Ayeuna aya di nagri,
Karaton roh abdina,
Sareng éréhan jeung Gusti.

27.

Kudis Kupah Yaman Erum,
Mekah Madinah Sam nagri,
Mamang nyanggakeun ayeuna,
Nya aya buktina aji,
Sawaruh diri Kang rama,
Nyanggakeun dunya mangabdi.

28.

Siang wengi seja sujud,
Ngiring satimbalan Gusti,
Satimbalan // gamparan,(33)
Ulah dék sembang nya galih.