Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/60

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
61
 

Ulah rasa reujeung jiga,
Di ieu kagungan Gusti.

29.

Radén Muhammad tungkul,
Sanggeus nguping ahli Mesir,
Sinarengan kersaning Yang,
Dumugi manah birahi,
Nya éta Dén Muhammad,
Ngalirik bari ngalahir.


30.

Kang putra hatur piunjuk,
Numawi turun citangis,
Da puguh saumur pisan,
Sapirkawis dua perkawis,
Saperkawis nembé pisan,
Terang di nagri Mesir.

31.

Dua perkawis saumur,
Teu terang hal jadi aji,
Nu puguh mah bengong pisan,
Raraosan asa ngimpi,
Sakitu deui Kang Putra,
Ayeuna enggeus dipikir.

32.

Tulis milik ti loh mahpud,
Pinasti anyar pinanggih,
Ngumbara ngerar di dunya,
Milik kudu nyakrawati,
Seja tumut ka pangeran,
Nampi dawuhan ti gusti.

33.

Sawangsul putra piunjuk,
Sumaja nyanggakeun diri,
Kabodohan kairekan,
Da puguh gé urang sisi,