Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/61

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
62
 

Tumamu jeung masiat,
Neda wuruk siang wengi.

34.

Sumawon ka para Ratu,
Putra seja titip diri,
Piunjuk muga dimanah,
Satungtung tacan utami,
Hanteu kenging énggal-énggal,
Kedah taretep di Mesir.


35.

Para ratu pada piunjuk,
Aduh timbalan jeuing Gusti,
Seja ngiring satimbalan,
Kocapkeun Panghulu Mesir,
Panghulu Datuk Bendara,
Nyandak makuta Bopati.

36.

Nyanggakeun makuta Agung,
Jeung panganggona sakali,
Sadangdosna kasultanan,
Radén Muhammad geus nampi,
Terus dianggo sapisan,
Marengna nurbuat nitis.

37.

Datuk Bendara piunjuk,
Ka sadaya para Bopati,
Bari nganggeus buk nagara,
Éh ayeuna para bopati,
Kula ayeuna dék nékad,
Tu terus terang jeung galih.

38.

Wireh ayeuna nu mangku,
Sultan Mesir murangkalih,
Sinarengna moal paksa,
Mun aya nu teu dék ngabdi,