Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/62

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
63
 

Bener pisan kapungkur mah,
Teu aya sawios galih.

39.

Numawi ditékad kitu,
Réhing ayeuna di Mesir, //
Murangkalih nu naléndra,   (34)
Bilih aéb pangabakti,
Ayeuna kudu terus terang,
Dék taluk atawa mungkir.


40.

Mun aya nu teu daék taluk,
Ayeuna kumaha galih,
Mun aya nu kitu manah,
Lebah terang ulah lami,
Énggal pararatu jawab,
Sareng sumpah para bopati.


41.

Taya pisan béngkok kalbu,
Ngiring sakuma galih,
Bener ku saréatna mah,
Sultan Mesir murangkalih,
Tapi samangsa ayeuna,
Teu aya sawios galih.

42.

Amung nu rabuh nu nangtung,
Hanteu géséh titilari,
Malah lir upama perak,
Geus surem disipuh deui,
Tambah menelang tambah sérab,
Kitu piker jisim kuring.

43.

Datuk Bendara seug imut,
Sanggeus nguping parabopati,
Gancangkeun ieu carita,