Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/63

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
64
 

Marék munjung parabopati,
Sarawuh para ponggawa,
Parantos sakabéh abdi.

44.

Para ratu geus pada lungguh,
Ngabaris calikna korsi,
Geus wengi der ngadék pesta,
Barang tuang suka ati,
Tingjalegur mariyemna,
Ngaguruh nambur jeung tanji.

45.

Karasmenan deui kitu,
Bungbeng banget kembang api,
Balon warna kalangenan,
Ngaguruh lir kaya banjir,
Sok tunda anu keur suka,
Tembang mijil salin warti.

X. Mijil

1.

Nyarioskeun Radén Ahmad deui,
Dina leuweung ganggong,
Beng ka kulon teng ka kalér,
Néangan cai teu manggih,
Langkung nya pirhatin,
Bélana ka dulur.

2.

Dadanguan warni-warni,
Dina leuweung ganggong,
Sakalangkung tina keueungna téh,
Sora manuk warni-warni,
Sadana ngalengis,
Tuwew Ranggong Kukuk.

3.

Ditémbalan ku sora Surili,
Gang manuk Gaong,
Tingkoréak sora monyét,