Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
65
 

Sada anu naktrak anjing,
Sada anu ceurik,
Sada anu ngeluk.

4.

Radén Ahmad ngahuleng seug calik,
Teunangan rampohpoy,
Tinggarebut éta monyét,
Rag-rag dina luhur kai,
Dén Ahmad ningali,
Kamo // monyét dipiyuk.   (35)

5.

Tingrarenyoh sawaréhna deui,
Aya nu ngaregoh,
Digebah ku Dén Ahmad téh,
Monyét birat ting biribit,
Manuk luhur kai,
Ber hiber ka luhur.

6.

Aya hiji ngaran manuk Waliwis,
Jeung Surili léyos,
Waliwis mah memang ogé,
Ana eunteup moro cai,
Ku Radén Ahmad ditingali,
Eunteupna téh manuk.

7.

Hanteu jauh eunteupna Waliwis,
Ku Ahmad diburu.
Kahandap ngaléyos,
Manahoréng di dinya téh,
Nu dieunteupan Waliwis,
Rawa enggon cai,
Ku Ahmad diburu.

8.

Sanggeus sumping kana rawa cai,
Tétéla béh nyondong,
Radén Ahmad tuluy rarat-rérét,