Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
66
 

 
Suluh pikeun wadah cai,
Teu lika béh manggih,
Nyata tangkal bitung.

9.

Semu anu urut ngala cai,
Radén Ahmad atoh,
Seug dicandak éta bitung téh,
Bungbas alah batan awi,
Gancang nyiuk cai,
Ruwas bitung pinuh.

10.

Hanteu lami radén Ahmad geus mulih,
Gura-giru mios,
Dék ngabujeng nu palay téh,
Sabna raka anu nanti,
Tinya hanteu lami,
Sumping kana urut.

11.

Barang sumping kana handapeun kai,
Dén Ahmad olohok,
Nyondong sepi rakana téh,
Seug lurut-lérét ka gigir,
Haben ditingali,
Ngulon ngétan ngidul.

12.

Geus tétéla rakana téh leungit,
Ahmad gura-giru,
Radén Ahmad weléh baé,
Barang ka handap ningali,
Tapak gajah sidik,
Ahmad ngarumpuyuk.

13.

Aduh akang sumambatna ketir,
Duh cilaka tangtos,
Tétéla aya akang téh,
Dibawa ku gajah putih,