Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
67
 

Naha teungteuingeun teuing,
Teu ras ka nu pahatu.

14.

Radén Ahmad cirambay anangis,
Meureun akang maot,
Dihakan yén ku gajah téh,
Dén Ahmad // seug tangi deu,
Tapak gajah dilari,
Seug dipapay tuluy.


15.

Hanteu lami béh mendak deui,
Urut-urut mios,
Nyéta daster rakana téh,
Di jalan sauwir-uwir,
Beuki wuwuh ketir,
Gancangna ka payun.

16.

Beuki maju tinga beuki tebih,
Geus ningali ngemplong,
Sabab Radén Ahmad téh,
Geus ka luar ti jero giri,
Nyorang pinggir nagri,
Masih kénéh maju.

17.

Sabab tapak cikénéh kapanggih,
Gancangna carios,
Teu lami deui Ahmad téh,
Dipayun béh mendak cai,
Ngaran Bangawan Eupil,
Cai gedé kalangkung.

18.

Éta tapak jeung dasar téh leungit,
Radén Ahmad helok,
Manahna Radén Ahmad téh,
Nyaur sajeroning galih,