Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
68
 

Aduh diri aing,
Ka mana nya nyusul.

19.

Gancang baé dipeuntasna cai,
Meuntasna parantos,
Sagancangna Dén Ahmad téh,
Hanjat ka peuntas deui,
Sanggeus meuntas cai,
Bingung arék maju.


20.

Seug ka girang mapay sisi cai,
Tungkul anu mios,
Reujeung nyorang batu rengges,
Tapak gajah geus katawis,
Kersaning Yang Widi,
Radén Ahmad linglung.

21.

Jeung geus poék kabujeng wengi,
Radén tulag-tolog,
Hanteu puguh kulon kalér,
Radén angkat sapeupeuting,
Ahmad tunda deui,
Sinom ganti catur.

XI. Sinom

1.

Ganti anu dicarita,
Di jero nagri Mesir,
Aya sahiji kaputrén,
Karaton kalangkung resmi,
Kuta benteng tujuh lapis,
Hiji lawang enggeus tangtu,
Dijaga perjurit opat,
Ari eusina kaputri,
Hiji putri-putra Datuk Bendara.