Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
69
 
2.

Jenengan Dén Siti Bagdad,
Putrana Panghulu Mesir,
Putri kalangkung geulisna,
Mustika Nagari Mesir,
Eukeur geulis éta putra,
Kawuwuhan tur jeung élmu,
Binangkit putra cantik,
Gandang tur sakti tingali,
Kageulisan nitis Siti Julaha.

3.

Kasertaan ku beungharna, //
Eukeur geulis loba duit,   (37)
Eukeur gandang tur sayaga,
Taya dua putra Mesir,
Nu geulis bisa luluwis,
Keur ayu alus pangambung,
Eukeur gandang lemes tarang,
Amis budi matak ketir,
Ana imut pangamet sok beunang rahmat.

4.

Jentik halis pangalitan,
Pangaruh ngandar ka sisi,
Giler soca matak kabita,
Kelétna kawuwuh meulit,
Nyungkelit matak kapeuncit,
Si jenat matak kumejot,
Matak imut samar menyat,
Loba santri nu sisip,
Hanteu iasa sok éléh ku pangawasa.

5.

Lain teu loba nu palay,
Demung santri Bopati,
Ngan teu yasa ku pinterna,
Néangan anak sajati,