Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
70
 

Kageulisanana putri,
Geus kocap ka unggal Ratu,
Amung hésé dilamarna,
Sababna ngan ku binangkit,
Tacan mendak pirakeun anu béla.

6.

Babad sotéh binangkitan,
Numawi elat Nyi Putri,
Teu acan kagungan raka,
Tina langkung putrid geulis,
Nu baheula nu kiwari,
Upama manahna kitu,
Tangtu meureun moal béda,
Sareng éta Néng Putri,
Katabibanana éta Siti Bagdad.

7.

Kagungan hiji sayuran,
Panglayungan Eneng Putri,
Rada anggang ti nagara,
Kalangenan langkung resmi,
Kekembangan warni-warni,
Warnana henteu disebut,
Upama lamun dikara,
Waranana nu resmi,
Jadi ieu dibujeng baé énggalna.

8.

Adat biasa sayuran,
Tatangkalan warni-warni,
Kalangenan opat tempat,
Ari tempat nu kahiji,
Eusi sekar warni-warni,
Kembang ros balon majemu,
Kembang tutxr jeung puspita,
Amartana ganda kesturi,