Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
74
 

Radén Ahmad matur mangga,
Gék calik dina alketip,
Geus sor leueuteun sayagi,
Nyi randa alon matur,
Pun embi ten matur maap,
Tina nembé aya pinanggih,
Anu kasép banjar karang panglayungan.

20.

Sumangga geura miwejang,
Ti mana nya tuang bumi,
Gancang matur Radén Ahmad,
Sumuhun parios embi,
Ari muasal sim kuring,
Ti nagara Sam kapungkur,
Ibu rama jadi raja,
Amung geus tilar ti lahir,
Geus pahatu hanteu ibu hanteu rama.

21.

Embi anu langkung uninga,
Sim kuring jalmi pirhatin,
Geus teu puguh talangsara,
Nya lempang samargi-margi,
Sareng gaduh dulur hiji,
Papisah di luwang-liwung,
Sim kuring weléh néangan,
Dugi ka dieu dumugi,
Tuang putri seja lepat kulon wétan.

22.

Wengi di mana nyangsangna,
Barang teda sakapanggih,
Ngaran sim kuring pun Ahmad,
Muhammad nya dulur kuring,
Sakitu dulur sim kuring,
Numawi sabab téh nun,