Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
75
 

Néangan dulur teu pendak,
Sim kuring neda permisi,
Dék ngarereb mun widi mah tuang rayi.

23.

Nya Nyi randa seug ngandika,
Aduh Eneng pupujaning,
Ayeuna mah matak (...),
Ulah kapalang perhatin,
Montong rék ka mana mendi,
Di aku anak ku ibu,
Ieu Nyi Rara Sumingkar,
Aku dulur lahir batin,
Dulur Ujang anak ibu pangbureyna.

24.

Radén Ahmad seug ngandika,
Nyembah barina ngalahir, //
Ngiringan sakersa pisan,    (40)
Nyi randa ngalahir deui,
Ibu seja naros deui,
Kumaha Radén geus weruh,
Ieu ngaran kalangenan,
Radén Ahmad kitu deui,
Sakalangkung tuang putra lepat pisan.

25.

Sadaya-sadaya Kang putra,
Neda piwejang nu yakin,
Ieu téh ibu di mana,
Nyi randa ngawalon deui,
Ieu Ujang nagri Mesir,
Ari ieu anu tangtu,
Nu kagungan kalangenan,
Radén Siti Bagdad Putri,
Putra Mesir Panghulu Datuk Bendara.

26.

Jadi ibu pakacarna,