Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
76
 

Anu nyangking kebon putri,
Saban dina caor uang,
Beulah dua mumut hasil,
Manasiang urang Mesir,
Meuli kembang pada rabul,
Ka dieu karang Kamulyan,
Geura seug mangsa tingali,
Tangtu Ujang jeung ibu dikalanggenan.


27.

Radén Ahmad seug ngandika,
Kuring nu jadi jurutulis,
Nuliskeun nu meuli kembang,
Sugan mawa bako Turki,
Sok kerta ku kacapiring,
Nyi randa imut jeung nyaur,
Atuh puguh ari Ujang,
Moal meuli-meuli teuing,
Urang Mesir tukang bako Nyi Sajar.

28.

Ana datang meuli kembang,
Bari mawa bako Turki,
Samalah engké mah Ujang,
Urang papadon yén meuli,
Padud karesep Turki,
Nu alus buat Istambul,
Atawa pipah nu bodas,
Moal salah tangtu yakin,
Da ibu mah tara nyaah ku manisan.

XII. Dangdanggula

1.

Hanteu lami éta Randa Mesir,
Seug nyuguhan éta ka Dén Ahmad,
Nyi randa kalangkung nénéh,