Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
77
 

Jeung barangtuwang ngariyung,
Kadaharan warni-warni,
Miputra teu asa-asa,
Gancang baé dicatur,
Peuting kaganti ku beurang,
Radén Ahmad geus matur siyang lain wangi,
Jeung digento (sic!) panganggona.

2.

// Nu wareuteuh ngagaleuh ti Mesir, (41)
Sutra héjo surup ka salira,
Radén wuwuh beuki kasép,
Nitis cahaya Nabi Yusup,
Geus kitu milikna pasti,
Turun Laélakadar,
Cahaya ngagebur,
Emas nu anyar disikat,
Kasertaan anu langkung berbudi,
Dasar remesing kusumah.

3.

Sakalangkung nyi randa téh asih,
Kitu deui nu diaku putra,
Mungguh Radén Ahmad anom,
Nurut sakersaning ibu,
Nyi Rarasumingkar putri,
Nyebut akang hanteu nilam,
Kawas dulur istu,
Kitu deui Radén Ahmad,
Nyebut rai ka Rarasumingkar deui,
Kawas ka dulur bungsuna.

4.

Kacaturkeun anggeus lami-lami,
Hiji mangsa di poé harita,
Tatamu ti Mesir raja,
Niyatna éta tatamu.