Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
78
 

Adat biasa sasari,
Nya éta mareuli kembang,
Barina seug matur,
Ka putra Rarasumingkar,
Geuwat anung iyeu ladenan ku nyai,
Anu ngagareuleuh kembang.

5.

Jeung akangna ulah arasik teuing,
Nyai Rarasumingkar seug gancang,
Ngala kembang nu aranéh,
Sareng Dén Ahmad teu kantun,
Teu lami waktuna deui,
Ngala kembang geus sadia,
Sastra geus diatur,
Pikeun nu mahal nu murah.
Seug dibeuli ku sakabéh istri Mesir,
Hargana enggeus biasa.

6.

Dituliskeun ku Radén raspati,
Ladang kembang harita duwitna,
Uwang bodas uwang récéh,
Ladang kembang puluh-puluh,
Ngakut istri urang Mesir,
Harita taya petotna,
Nu meuli ngagimbung,
Ari biasa ka tukang,
Nu geus meli geuwat buru-buru balik,
Ari samangsana harita.

7.

Nu geus mulang barang balik deui,
Tina sabab aya nu katinggal,
Nembé ningali nu kasép,
Padanyaur jero kalbu,
Duh teja anyar pinanggih,