Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
79
 

Katon caha (?) nengbena (?),
Sasari kapungkur,
Nénjo karang panglayungan,
Urang mana putra mana kasép teuing,
// iyeu jero tulis kembang.   (42)

8.

Jadi aing panasaran teuing,
Hayang naros ka Embok randa,
Gancangna baé nyarios,
Harita enggeus ngagimbung,
Kiyeu pokna paraistri,
Ari panon ka Dén Ahmad,
Dawuh emban kulanun,
Iyeu sair ba timana,
Jisim kuring nembé pisan nya pinanggih,
Kasép méakeun sorangan.

9.

Teu ngageuhan keur urang Mesir,
Atawana carogé Suminggar,
Nyi Randa imut ngawalon,
Embi téh atoh kalangkung,
Ayeuna hatur ningali,
Lain carogé Sumingkar,
Dulurna saistu,
Anak Embi anyar datang,
Mulang ti Sam geus heubeul masantren tebih,
Ayeuna nembéyan dongkap.

10.

Basi nyaba ka jero nagari,
Pangangkukeun éta Ujang Ahmad,
Suguhan ku nyai téh,
Paraistri nyaur imut,
Teu sawios pisan Embi,
Meureun naon sakapalay,