Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
80
 

Ku abdi di ditu,
Tangtos disuguhan pisan,
Sareng kuring berkah weuteuh keneh diri,
Resep kénéh kana kembang.

11.

Da kuring mah papada balantik,
Masih gedé bati tina peda,
Teu hayang sagedé oléh-oléh,
Tina sabab sok barau,
Lain cara tina kembang,
Seungit seug rajin metik,
Batina dapon seungit susu,
Mangga atuh Engkang Ahmad,
Urang lenggah ka rorompok jisim abdi,
Ku abdi rék dikaulan.

12.

Lamun Engkang Ahmad kersa lenggih,
Sakapalay baé moal dilarang,
Asup kana paripaos,
Sumawon aya nu tangtu,
Nu teu aya gé ditungtik,
Moal aya nu dilarang,
Kuring hayang wawuh,
Carék wiwilanganana,
Barang repet kampatan minyak keletik,
dipundut sumangga pisan.

13.

Radén Ahmad ngawalon ka istri,
Matur mangga mung dinten ieu mah,
Geus moal tiasa baé,
Malum eukeur tina ripuh,
Ayeuna hatur sim kuring,
Pileuleuyan bedog waja,
Pikir eukeur bingung.