Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
81
 

Jukut // pasir samping imah,   (43)
Jubah rumbah palang geura balik deui,
Imut paraistri sadaya.

14.

Tingkuliat nu badé marulih,
Tingkuliat hésé nu arangkat,
Nya pikir asa dilengket,
Murungkut asa dilulungkut,
Kira-kira jadi sakit,
Paraistri anu mulang,
Pikir asa linglung,
Kawas anu dipilanglang,
Niyat balik ari ras ka urut tadi,
Ka payuneun Radén Ahmad.

15.

Nu sawaréh dongkap ka Mesir,
Barang datang hanteu sasauran,
Ngajentul teu ngomong-ngomong,
Kembang gé loba nu mawur,
Anu tinggal embung balik,
Matuh baé di Nyi randa,
Loba anu giyung,
Ari aya nu nyarita,
Beuki ngomong kawas anu édan éling,
Pikampungan pileumburan.

16.

Sumawon di pasar urang Mesir,
Sadayana padamaridangdam,
Kaparélét ku nu kasép,
Loba istri nu disusul,
Kocap aya hiji istri,
Ngaran Embu Ulajar,
Sakalangkung napsu,
Sarehan éta anakna,