Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
82
 

 
Nyi Ulanyar sampe enggeus tilu kali,
Megat kapélét ku Ahmad.

17.

Asal meuli kembang henteu,
Sakalangkung ambek Mu Ulajan,
Ti lembur disusul baé,
Ka Nyi randa enggeus cunduk,
Radén Ahmad keur ka cai,
Geus kasampak Nyi Ulanyar,
Indungna pok nyaur,
Naha manéh Nyi Ulanajar,
Tampolana datang ka kituna teuing,
Hanteu pantes perenah.

18.

Bet awéwé kapélét lalaki,
Nurustunjung teu boga kaéra,
Euweuh turunan siya téh,
Ngunggahan lalaki batur,
Déngékeun ku siya aing,
Aing mah basa keur ngora,
Teu datang ka kitu,
Tibatan daék ngunggahan,
Mani rajol lalaki téh beurang peuting,
Pamahugi warna-warna.

19.

Nu ku lauk sumawon duwit,
Bako ogé mani geus lémpéngan,
Bet seubeuh ka dagé-dagé,
Dagé oncom dagé bicung,
Mani geus parinuh said,
// jenatna Ki Layangkara,
Nu unggul ti batur,
Mahugi gé pangrongkahna,
Ana datang kincid-kincid jol ka aing.