Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/82

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
83
 

Geblug mawa ping-ping kuda.

20.

Ari siya mani geus teu kari,
Bako ogé dagangan mah beak,
Padudan pipah saréép,
Dagangan geus kakuruntung,
Dipaké norog lalaki,
Bet teu boga kaéra,
Nyi Ulnajar nyaur,
Ibu ulah bébéakan,
Bet nyeuseul téh meugeus eungkeur isuk deui,
Ituh isin ku Gan Ahmad.

21.

Bisi sesek Gan Ahmad téh sumping,
Kuring taya pangsakiyeu lampah,
Aya ti ditunda tangtos,
Uyah tara téés ka luhur,
Paribasa nini aki,
Teng manuk teng anak merak,
Kukuncungan hulu,
Némbal deui Mu Ulnajar,
Kitu oge hanteu cara aing teuing,
Mani datang ka ngunggahan.

22.

Ceuk anakna ibu ngabibisani,
Coba engké tingali Gan Ahmad,
Bener ibu enggeus kolot,
Tangtuna kahudang napsu,
Ceuk ibuna moal aing,
Sabab aing enggeus terang,
Anak randa kukut,
Malah asup paribasa,
Mani kasép cara Dewata sari,
Moal datang ka kagendam.