Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/83

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
84
 
23.

Barang eukeur cékcok Radén sumping,
Mu Ulnajar ngareret ka Dén Ahmad,
Ngeumbang kadu seug olohok,
Jempe hanteu bisa nyaur,
Kawas mata simuet hiris,
Siloka temampan tamsah,
Teu ngucap sakecap,
Kocap éta Nyi Unajar,
Ningali ibu imut barina ngalahir,
Puwas siya kaédanan.

XIII. Magatru

1.

Mu Ulnajar geus poho rék sepuh,
Ka anak seug ngalahir,
Hé Ulnajar kutan kitu,
Ki Ahmad téh ngamjalanatri,
Aing mah bet hayang naros.

2.

Sugan aya kapalayna anu surup,
Hé Ulnajar manéh balik,
Aing téh jaman kapungkur,
Boga panumbas téh keris,
Bantosna geus maké pendok.

3.

Geura cokot ku manéh heula ka ditu,
Jeung deui ayeuna aing,
Mo mulang deui ka lembur,
Di Nyi randa // betah ngancik,   (45)
Sugan ka parahu tamplok.

4.

Nyi Ulnajar teu imut pangawak sepuh,
Pikir asa ngora deui,
Sisindiran bari imut,
Jeung panon kendar kendar ka sisi,
Ningali ka Ahmad heroy.