Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
85
 
5.

Ku hanjakal pelak haur digempur,
Rantanan di sisi jami,
Kurung hayam kurung puyuh,
Titiran di gunung putri,
Jojodog di tari kolong.

6.

Ngan ku akal nu matak jadi liliput,
Kantenan dalanggan kami,
Uyuhan ku pikir lungguh,
Pikir nu matak ngajadi,
Sugan jodo pakokolot.

7.

Nyi Ulnajar éra nénjo indung kitu,
Ibu ulah kitu teuing,
Sing éling diri geus sepuh,
Teu boga kaéra teuing,
Naha kumaha nya raos.

8.

Nini-nini kapélét teu uyun,
Anggur hatu urang balik,
Mu Ulnajar mugen embung,
Jeg baé ilaing balik,
Urang mah niat rék mondok.

9.

Reujeung acan paidin Kang ahmad mundur,
Nyi Ulnajar tambah pusing,
Bet mululu ucut burung,
Aing matak teuing najis,
Indungna ditéwak léyos.

10.

Mu Ulnajar ti payun Ahmad digusur,
Mu ulnajar seug nagalahir,
Mangké ieuh ulah rusuh,
Ieu aing hayang kiih,
Ieu ulah didorodod.

11.

Mana kitu timburuna ka si ibu.