|
Nyi Ulnajar seug ngalahir,
Mana ibu ari saur,
Ulah sok kacida teuing,
Ayeuna ibu karaos.
|
12. |
Geus teu puguh saur ogé anggeus ngapruk,
Mana hayu anggur balik,
Arék kiih hayang medus,
Pék baé di dinya ngising,
Ulah kapalang nya gélo.
|
13. |
Sagancangna Mu Ulanajar geus dibantun,
Ku putra dibawa balik,
Ka dayeuh Mesir geus cunduk,
Kakara inget ka diri,
Sakalangkung tampi raos.
|
14. |
Kocap deui Nyi Ulnajar anu bungsu,
Nu ngaran Mukdan téh pusing,
Ninggal dulur eujeung ibu,
Padakedanan teu éling,
Ku Ahmad jurutulis (sic!) kebo.
|
15. |
Geuwat dangdan kalangkung rusuh,
Reketek dibendo licin,
Set disarung set dibaju,
Disabuk ku // bongbe kuning, (46)
Barina jeung nyoren pendok.
|
16. |
Enggeus putus ka luar turun ka batu,
Raména di nagri,
leu déwék téh segut,
Coba taksir masing sidik,
Déwék ngéwa anu ngomong.
|
17. |
Kasép déwék eujeung itu,
Ngaran Ahmad mashur teuing.
|