| Nya dulur déwék nya ibu,
Bet padakapélét sami,
Mun salah diomé tangtos. |
| 18. | Gancangna mah padnaksir batur,
Ngomong baturna bari seuri,
Sampéyan téh teu wudu,
Ditaksir ti gigir lenggik,
Raraosan mah geus cocok.
|
| 19. | Ngan saeutik salahna kaliwat langkung,
Pupundakan bet nungkir,
Reujeung tonggong siga bengkung,
Bab segut mah liwat saking,
Jeung pipi rada ngagandoy. |
| 20. | Kai Mukdan teu ngomong jamedud,
Teu bisa ngoméyan deui,
Ngahyeus barina mundur,
Ka imah balik deui,
Radén Ahmad kacariyos. |
| 21. | Paraistri sakitu padaguyur,
Ka Radén Ahmad raspati,
Teu kasertaan kalbu,
Kabéh ogé paraistri,
Dipikadeun teu diwaro. |
| 22. | Diwarona ku budi alus,
Sumawonna manah euweuh sir,
Sanajan aya sir kalbu,
Paraistri urang Mesir,
Disandung raper nu anom. |
| 23. | Saupama diserang anggeus tangtu,
Nya bener diri aing, |