| Imutan Radén nu tangtu,
Geus tangtu nambah balai,
Rasa loba anu bogoh. |
| 24. | Tatapi nu matak nyorang rahayu,
Raosna nyorang balai,
Da lantaran kitu,
Masih mahér paraistri,
Asup kana paripaos.
|
| 25. | Najan alus lenjang konéng ari lacur,
Gedé moal ari werejit,
Baruang motongkeun umur,
Manis nu matak kabadi,
Diri mah hésé nya ngepoh. |
| 26. | Najan peuheur ari nu matak rahayu,
Sakitu galih nu lantip,
Seja wayahna rék tumut,
Hésé capé hanteu risi,
Mugi-mugi ka Yang Manon. |
| 27. | Anu sipat Rohman // Rohim tara palsu, (47)
Wenang pait wenang amis,
Sakitu manahna kalbu,
Radén Ahmad nu berbudi,
Siyang wengi nu rumaos. |
| 28. | Anu jadi imutan lain pangwuruk,
Margi nu matak hasil,
Pangwuruk rama jeung ibu,
Nu dianggap siyang wengi,
Tara lali ka papagon. |
| 29. | Sok tunda Radén Ahmad sareng ibu,
Ganti nu kocap deui, |