Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
89
 

Siti Bagdad nu kacatur,
Geus nguping ti urang Mesir,
Kembang jadi kembang panon.

30.

Anggeus jadi kacapangan soré isuk,
Édan biwir Urang Mesir,
Taya anu kapicatur,
Nu kasép juru paminggir,
Ngan Ahmad nu kapicarios.


31.

Siti Bagdad ngupingkeun,
Pangbendu éta putri,
Tara aing nu pantes weruh,
Saméméh nu sanés istri,
Kari duwa iyeu kaboyong.

32.

Méméh putri bet nu sanes heula guyur,
Nguping gé putri pandeuri,
Nguping wartos enggeus mashur,
Rupi teu acan sidik,
Énggalna putri marios.

XIV. Kinanti

1.

Rahadén putri seug nyaur,
Ka emban duwa pangais,
Kami emban meunang béja,
Nguping béja urang Mesir,
Aya nu kasép satria,
Di karang kembang Paminggir.

2.

Ngaran Ahmad anu mashur,
Naha éta téh lalaki,
Nu matak aya di dinya,
Urang mana wani-wani,
Kapan di Karangmalena,