Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
91
 
8.

Ter (?) mah sakumaha alus,
Moal alus-alus teuing,
Perak moal mapak emas,
Sakitu pamilih kami,
Nini randa téa catur,
Ménak teu papak ka kuring.

9.

Coba nini randa saur,
Manéh emban dua indit,
Bari mawa ngaran Ahmad,
Kami téh hayang ningali,
Jiga kumaha rupana,
Tapi randa béré ngarti.

10.

Dimana engké di ditu,
Geus tepi ka lawang kori,
Lawang kori pangluarna,
Bibi randa sina ka puri,
Ari Ahmad kudu tunda,
Ulah bareng reujeung nini.

11.

Tah jangji kami sakitu,
Helos emban geura indit,
Dua emban enggeus nyembah,
Geus tutas nimbalan indit,
Teu kacatur di jalanna,
Dua emban geuis pada sumping.

12.

Jeung Nyi randa enggeus tepung,
Kasondong randa keur calik,
Nyi randa Ahmad Sumingkar,
Nyi randa langkung gumati,
Mayunan kapiwarangan,
Nyi Emban barang ningali.

13.

Radén Ahmad anu mashur,