Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/91

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92
 

Nyi Emban gésék ningali,
Hookeun mani mxh ngacay,
Sakalangkung sakti ati,
Paingan jeung ieu mah,
Matak nyur-nyuran nya birit.

14.

Jalma kasép mani mancur,
Pikir matak embung balik,
Lamun lain piwarangan,
Bet hayang ngagandék ngiring,
Kajeun dititah mencétan,
Sakapalayna diiring.

15.

Ari ras ka nu ngutus,
Gegeroan Emban risi,
Pok baé Emban nyarita,
Bibi ieu jisim kuring,
Diutus raja kaputern,
Bibi téh énggal diangkir.

16.

Sareng reujeung Ahmad bantun,
Sang Putri palay ningali,
Lebah lawang luar tunda,
Kitu wangkid Enéng putri,
Nyai randa matur mangga,
Eukeur mah abdi rék indit.

17.

Kabujeng aya // panyaur,
Sukur jeung Ahmad diangkir,
Hayu atuh Ujang Ahmad,
Urang deuheusan ka putri,
Matur mangga Radén Ahmad,
Teu lami waktuna deui.

18.

Ti Kerendan anggeus jung,
Gancangna anu digurit,