Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/92

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
93
 

Enggeus dongkap kana lawang,
Pangluwarna panto kori,
Radén Ahmad seug ditunda,
Nyalira luwareun kori.

19.

Randa jeung Sumingkar turun,
Ngadeuheusan ka Radén putri,
Geus ngaliwat tujuh lawang,
Dxn putri enggeus ningali,
Gugupay baé ka randa,
Nyai randa enggeus calik.

20.

Jeung Suwingkar geus marunjung,
Dén putri enggeus ngalahir,
Bibi perkawis laporan,
Tunda baé engké deui,
Da moal lali itungan,
Anu murudul ka bibi.

21.

Wireuh kuring meunang dangu,
Selenting bawaning angin,
Majar bibi gaduh putra,
Sarta bejana lalaki,
Nyai randa matur nyembah,
Sumuhun parios gusti.

22.

Saur putri atuh sukur,
Boga batur téh lalaki,
Ari balitung uwah mah,
Pagéto ka dieu deui,
Ngan anu ngaran Ki Ahmad,
Hayang nyaho kula bibi.

23.

Ari bibi geura wangsul,
Putra bibi masing calik,
Barina matur sumangga,