Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/93

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
94
 

Nyembah indit payun putri,
Geus kaluwar ti kaputren,
Jeung Ahmad enggeus kapanggih.

24.

Barina ka Ahmad nyaur,
Eujeung disaur ku putri,
Éta geura deuheusan,
Dén putri palay ningali,
Radén Ahmad matur mangga,
Nyi randa gancangna mulih.

25.

Radén Ahmad sor ka payun,
Geus dongkap ka lawang kori,
Perjurit anu ngajaga nanya,
Barina jeung bengis,
Lu kowe orang dari mana,
Dia bagus laki-laki.

26.

Rahadén Ahmad manyabut,
Betul sayah laki-laki,
Saya punya anak randa,
Dari Karang Kumang yang putri,
Disuruh oleh juragan,
Yang jaga manyahut lagi.

27.

Boleh sekarang masuk,
Geus dibéré saratus ringgit,
Kalo kowe tidak bayar,
Mesti pigi pulang kembali,
Ngahuleung deui Dén Ahmad,
Jadi kudu mayar saratus ringgit.

28.

Sugan temah hanteu kitu,
Dipasti pamuka kori,
Hingga saduwit teu mawa,
// ngahuleng Ahmad jeung mikir   (50)