Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/94

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
95
 

Pabaur jeung éra,
Mikir pikeun lulus diri.

29.

Pitulung ras ka Seh jagung,
Wuwuruk anu kaéling,
Sagancangna Radén Ahmad,
Ngusap pipi tilu kali,
Bijil duwit uwang dinar,
Perjurit kagét ningali.


30.

Sarat geus jejeg saratus,
Tanya Radén angkat deui,
Béh deui nu jaga lawang,
Geus ménta pamuka kori,
Gancang deui Radén,
Ahmad ngusap pipi.

31.

Tilu kali burubut,
Uwang sartus dinar,
Bengong deui tukang kori,
Nyaur sajeroning manah,
Saumur kakara manggih,
Aya jalma ngising uwang,
Satria digjaya leuwih.

32.

Paingan taya nu maphum,
Siti Bagdad raja putri,
Nya éta baé milihan,
Milihan satriya leuwih,
Kocap deui Radén Ahmad,
Ti lawang geus nyingkir.

33.

Dongkap ka lawang katilu,
Di dinya nya kitu misti,
Tinya béh lawang kaopat,