Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/95

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
96
 

Kalima kagenep deui,
Enggeus jejeg tujuh lawang,
Cocog tujuh ratus ringgit.

34.

Radén Ahmad enggeus cunduk,
Ka jero kaputren putri,
Geus calik di émper lawang,
Dihambalan bata ubin,
Kapendak ku hiji emban,
Gentak unjukan ka putri.

35.

Nun Gusti unjukan tamu,
Nu disauran ku Gusti,
Nu jenengan Ujang Ahmad,
Anak hiji randa Paminggir,
Saur putri aman emban,
Kula hayang terang teuing.

36.

Ceuk emban tuh di payun,
Énggal Siti Bagdad putri,
Angkat ngalongok Dén Ahmad,
Barang téh putri ningali,
Putri ngaranjug manahna,
Ratu hookeun ningali.

37.

Sajongjongan henteu nyaur,
Ngan cisoca anu bijil,
Ngan nyaur dina jero manah,
Aduh henteu nyana teuing,
Bet aya teuing potongan jalma,
Na bet nenggang-nenggang teuing.

38.

Kasép méakeun ka batur,
Pantes baé urang Mesir,
Mun kiyeu potonganana,
Pantes rék jadi kasakit,