Kaca:Wawacan Ahmad Muhammad.djvu/96

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
97
 

Sanajan aing ayeuna,
Geus bukti // geus bukti teu kabar yakin. (51)

39.

Nénjo irung hayang nyium,
Nénjo biwir hayang nyiwit,
Nénjo tarang hayang ngasah,
Diasah ku pipi aing,
Adu teja sulaksana,
Si jenat anyar pinanggih.


40.

Katona cahaya pitujul,
Pitujul katon di Mesir,
Radén Ahmad tungkul sila,
Sakalangkung tina isin,
Geus lami tacan mariksa,
Kasmaran teuteup ningali.

XV. Asmarandana

1.

Ti dinya Rahadén putri,
Seug nyaur ka Radén Ahmad,
Engkang ka diyeu calikna,
Kana bangku panglinggihan,
Gusti ajrih saur Ahmad,
Jisim amdi mah saumur,
Tara diyuk dina éta.

2.

Paling anéh dina lampit,
Ulah kitu Engkang Ahmad,
Saurna Nyai putri téh,
Karana tunggal manusa,
Pada seuweu putu Adam,
Bener kuring anak Panghulu,
Seuweu putu Maha Sultan.

3.

Tur pangkat bapa jeung aki,